2 Timoteus 3
Inget anaking, dina ahir jaman bakal loba kasukeran.
Jalma-jalma ngan inget ka diri sorangan bae, sararakah, takabur, garumede, resep ngagogoreng, bahula ka kolot, taya panarima, teu baroga agama;
taya karunya, taya hampura, resep mitenah, bengis, dedegler, ijid ka jelema hade;
resep ngahianat, sambarangan, aradigung, ka Allah geus teu nyaraah, leuwih resep senang-senang;
ngajalankeun agama semet nedunan lahirna, ari kawasana agama teu dipalire. Jelema-jelema kitu jauhan.
Aya anu nyulusup ka imah batur, mikat awewe hengker anu beurat ku dosa jeung kasalahan sarta diudag-udag ku rupa-rupa kahayang,
awewe-awewe anu haben bae menta diajar, tapi teu datang ka nyaho kana hal anu bener.
Eta jelema-jelema teh pikir benerna geus teu jalan, imanna geus runtag, kawas Yanes jeung Yambres anu ngalawan ka Musa tea.
Tapi kituna teh moal laju deui, kageloanana bakal tereh katara ku sarerea, cara Yanes jeung Yambres.
Sukur hidep mah geus nuturkeun pangajaran bapa, kalakuan bapa, jeung tujuan hirup bapa. Geus nyaho kana iman bapa, kasabaran bapa, kanyaah bapa, jeung kapengkuhan bapa.
Geus nenjo bapa dikaniaya, geus nenjo bapa sangsara. Geus nyaho kumaha bapa dikaniaya di Antioki, di Ikonium, jeung di Listra, estu matak ginggiapeun! Tapi Gusti geus ngajait bapa tina eta panganiayaan-panganiayaan.
Da kitu ari anu merih kana hirup ibadah jeung hayang ngahiji ka Yesus Kristus mah, kabeh ge bakal nandangan panganiayaan.
Ari anu daroraka, anu marunapek, geus jahat teh bakal beuki jahat, beuki nyasabkeun ka batur, bari dirina sorangan nyasab.
Hidep mah kudu pangger kana kayaktian beunang diajar tea, sing kukuh percayana, sing inget saha guru-guru hidep.
Ti bubudak hidep geus nyaho kana Kitab Suci, anu ka hidep mere pangarti, nungtun kana jalan salamet lantaran percaya ka Yesus Kristus.
Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpa’at pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener,
supaya jelema anu ngabdi ka Allah lengkep sampurna kanyahona kana sagala rupa lampah nu hade.